Rabu, 31 Januari 2018 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

GAYA BASA RAUTAN

Titénan conto kalimah di handap!
(1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana.
(2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker!
(3) Ulah kakaut kana tihang, bisi aya urang leuweung!

Dina conto kalimah (1) aya ungkara kaganggu ingetanana, anu maksudna mah gélo.
Dina conto kalimah (2) aya ungkara ka pengker, anu maksudna kahampangan.
Ari dina conto kalimah (3) aya ungkara urang leuweung, anu maksudna maung.

Kalimah anu ngandung ungkara saperti kitu téh disebutna gaya basa rautan (eufimisme).
Gaya basa rautan téh nya éta ngalemesan sawatara kecap dina ungkara ku jalan ngagunakeun kecap-kecap anu leuwih halon. Ari maksud dipakéna sangkan ulah nerag teuing karasana, saperti dina conto kalimah (1); pikeun kasopanan saperti conto kalimah (2); sarta aya patalina jeung kapercayaan anu teu meunang nyebutkeun ngaran saenyana kana hiji barang saperti conto kalimah (3). Malah di sawatara tempat mah dipahing nyebut “maung”, “apu”, atawa “beurit”.

Aya basa rautan anu ngagunakeun pola kecap anu tangtu, saperti kecap tuna: tunanétra (lolong), tunarungu (torék), tunawicara (pégo), tunaaksara (teu bisa maca), tunawisma (galandangan). Aya anu ngagunakeun kecap pramu: pramusaji (pelayan réstoran), pramuria (hostes), pramuwisata (guide).

Conto lianna:
(1) Lain sing ngahinakeun, kolotna mah jalma kurang mampuh.
(jalma kurang mampuh = jalma miskin)
(2) Geulisna mah geulis manéhna téh, ngan uteukna rada kurang.
(uteukna rada kurang = bodo)
(3) Lantaran tadina sombong, apan wawalesna téh ayeuna manéhna teu boga nanaon.
(teu boga nanaon = malarat)
(4) Nu mawi, tuang putra téh kirang majeng dina pangajaranana.
(kirang majeng = bodo)
(5) Di dinya mah masih kénéh loba masarakat anu kakurangan dahar.
(kakurangan dahar = kalaparan).

Poto: urang leuweung Sumatera.

0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!