Senin, 05 Februari 2018 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

KECAP BITUNA RASA JEUNG NULISKEUNANA DINA KALIMAH

Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa, ambek, keuheul, kagét, atawa héran. Cara nuliskeunana dituturkeun ku (tanda) koma, upama dituturkeun ku kecap séjénna. Aya anu ditungtungan ku panyeluk, aya ogé anu ditungtungan ku pananya. Éta mah gumantung kana fungsi kalimahna.

Kecap bituna rasa kaasup kana kecap panyeluk, basa Indonésiana mah kata seru. Di handap aya sawatara conto kecap bituna rasa larapna dina kalimah.

1. Euleuh-euleuh, éta Si Ujang meni geus jelug kitu!
2. Éy, Mang Acim hitut!
3. Huh, aing mah, kakara gé dikepél geus kotor deui!
4. Adeuh, duaan baé, yeuh!
5. Alhamdulillah, pun anak téh parantos lulus!
6. Héy, rék ka marana éta?
7. Aduh, éta mah Néng Ijem, meni asa beuki geulis baé!
8. Na, Ujang, kalakuan téh kawas nu burung baé atuh!
9. Ah, abdi mah moal ngiring, isin ku Kang Adud!
10. Yeuh, ari jadi jelema kudu daék gaul!
11. Oh, éta mah atuh babaturan kuring!
12. Hih, budak téh teu daék cicing nya!
13. Oh, manéh anu rék meuli mobil téh?
14. Lah, kuring mah lain teu hayang milu, ngan teu boga duitna!
15. Ah, Akang mah ka abdi téh mung heureuy wungkul!
16. Euleuh, itu aya kapal meni gedé!
17. Yeuh, anaking, ayeuna mah hidep geus gedé, kudu geus bisa ngurus awak sorangan!

Kumaha lamun arék nuduhkeun sora kecap bituna rasa anu manjang? Upamana baé “ah”, “oh”, “aduh”, atawa “yéy”. Dina wangun tinulis mah, anu dituliskeun panjangna téh cukup vokalna baé, jeung tong loba teuing deuih, cukup tilu hurup ogé. Contona:

1. Aaah, meni nyeri-nyeri teuing ieu téh!
2. Oooh, éta anu ceuk manéh geulis téh?
3. Aduuuh, Bapa, abdi tulungan!
4. Yéééy, Mang Acim teu mandi!

Unggal wewengkon miboga kecap bituna rasa anu mandiri, boh kecapna boh cara ngedalkeunana (lentongna). Upamana baé kecap bituna rasa “jih”, “har”, “hor”, jeung “hadir”. Aya deui kecap bituna rasa anu nyebut ngaran sasatoan, saperti “anjing” katut variasina “anjir”, “anjrit”, “anjay”, “jir”; “bagong” katut variasina “bedul” jeung “bedus”. Keun éta mah urang pedar sa deui.

Poto ilustrasi: Oooh, éta anu ceuk manéh geulis téh? Geuning enya, euy!

0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!