Rabu, 17 Juni 2020 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

ASAL-USUL KECAP SAMPURASUN JEUNG RAMPÉS

Kiwari urang Sunda geus prah ngucapkeun kecap sampurasun. Upamana baé mun nyémah atawa ngamimitian biantara jeung surat. Dijawabna rampés. Duanana ogé basa Sunda. Ngan henteu loba anu nyaho kana asal-usulna mah. Mémang henteu sakabéh kecap dina basa Sunda bisa kapaluruh asal-usulna. Tapi ari kecap sampurasun jeung rampés mah masih kénéh bisa dijujut asalna.


Sacara étimologis, kecap sampurasun asalna tina basa Kawi. Wancahan tina kecap sampura jeung isun atawa ingsun. Sampura hartina hampura, basa lemesna hapunten atawa punten.
Ari isun hartina kuring, déwék; basa lemesna abdi, sim kuring. Jadi, sampurasun téh hartina hampura kuring, basa lemesna hapunten abdi. Tuluy robah jadi punten.

Kecap rampés asalna tina basa Sunda Kuno rampyas. Éta remen kapanggih dina naskah-naskah Sunda kuno. Hartina hadé atawa heug, basa lemesna saé atawa mangga.

Upama nilik ka dinya mah sampurasun-rampés téh taya bédana jeung punten-mangga. Matak baheula mah kecap sampurasun sok diucapkeun ku nu nyémah atawa jalma anu anyar datang. Dijawab ku pribumi atawa anu aya di dinya rampés. Teu béda ti fungsi kecap punten jeung mangga.

Kiwari sok dipaké dina ngamimitian biantara jeung surat minangka ucapan salamna, nya teu jadi masalah. Hartina kecap sampurasun jeung rampés miboga harti jeung fungsi anu ngajembaran. Hal anu biasa dina kamekaran basa mah.


Foto nu keur nyemah



0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!