Jumat, 24 Februari 2023 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

NGALARAPKEUN KECAP NAON, NAHA, JEUNG KULAN

Salasahiji kamajuan téhnologi téh nya éta ayana média sosial, kandaga komunikasi. Tujuanana sangkan leuwih gampang keur méré béwara atawa alakadar nanya kabar; boh ka dulur, kabogoh, sumawonna ka babaturan. Bentukna mah bisa waé ngaliwatan telepun (audio) atawa ku bentuk ketikan/tulisan.

Ku kituna, urang pedar waé ngeunaan tulisan (ketikan), anu masing-masing ngabogaan pelenggeran sarta aturanana. Upamana waé dina ngalarapkeun kecap NAON, NAHA, jeng KULAN. Remen pisan anu salah ngalarapkeun, hayang kadéngé lemes nepi ka kecap téh diganti ku kecap anu lain parantina, antukna tarigul jeung leungit kaéndahan basa téh. Mangga urang pedar waé, itung-itung pangaweruh tur ngajadi bahan pikeun ngamumulé basa indung, nya éta basa Sunda.

Mangga titénan conto di handap!
a). NAON
1. “Néng Oca nuju naon?”
2. “Néng Oca nuju naha?”
3. “Néng Oca nuju kulan?”

Conto anu bener nya éta nomer 1 (hiji). Lantaran kecap NAON kadéngé jiga kasar, tungtungna dilemesan ku kecap NAHA jeung kecap KULAN, padahal éta téh salah. Jadi, teu kudu maksa dilemeskeun, dalah geus lemes ieuh.

b). NAHA
4. “Naon bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh.”
5. “Naha bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh."
6. “Kulan bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh.”

Anu maca pasti surti, yén anu bener larapna nya éta nomer 5 (lima). Kecap NAHA téh kurang-kurangna mah pikeun ngagambarkeun kaayaan jalma anu keur anéheun, hémeng (heran).

c). KULAN
Kecap KULAN gunana pikeun ngajawab/némbal anu nyalukan (memanggil). Kecap KULAN ogé dilarapkeun keur lalaki, lamun keur awéwé nya éta maké kecap KAH.
Contona:
T: “Akang... Akang héy!”
J: “Kulan geulis.”

T: “Néng Oca, cik tinyuhkeun kopi keur Aa!”
J: “Kah Aa, punten nembé mah teu kakuping.”


Ilaharna, loba nu salah ngalarapkeun téh bagian kecap NAON anu dirobah ku kecap NAHA jeung KULAN. Sapamanggih dina média sosial téh jiga kieu unina:

“Kunaha atuh Akang téh?”

“Akang nuju kulan atuh?”

“Kunaha nya hirup téh asa rungsing kieu?”

Foto Kamu Nényé:
Senin, 20 Februari 2023 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

NGARAN PATEMPATAN TINA NGARAN AWI (DI TATAR SUNDA)

1. Awilega (Sumedang)
2. Awiligar (Bandung)
3. Awiluar (Ciamis)
4. Awirarangan (Kuningan)
5. Bangkonol (Pandéglang)
6. Bitungsari (Bogor)
7. Cangkorah (Bandung, Cimahi)
8. Ciapus (Bogor)
9. Ciater (Subang)
10. Ciawi (Bogor, Purwakarta, Tasikmalaya)
11. Ciawigajah (Cirebon)
12. Ciawigebang (Kuningan)
13. Ciawitali (Garut, Purwakarta, Subang, Sukabumi)
14. Cibitung (Bekasi, Sukabumi)
15. Cibuluh (Bogor, Garut, Kuningan, Subang)
16. Cibunar (Garut, Kuningan)
17. Cicaléngka (Bandung)
18. Cigeureung (Tasikmalaya)
19. Cigombong (Bogor, Cianjur, Sukabumi)
20. Cihaur (Bandung, Garut, Kuningan, Majalengka, Sukabumi, Tasikmalaya)
21. Cihaurbeuti (Ciamis)
22. Cihaurgeulis (Bandung)
23. Cihaurkuning (Garut)
24. Cirateun (Bandung)
25. Citamiang (Bandung, Bogor, Garut, Purwakarta, Sukabumi, Sumedang)
26. Gembong (Purwakarta, Tangerang)
27. Gombong (Bandung, Bekasi, Garut)
28. Haurgeulis (Cirebon, Indramayu, Majalengka)
29. Haurhapit (Bandung)
30. Haurhéjo (Bandung)
31. Haurkonéng (Cimahi, Subang, Tasikmalaya)
32. Haurkuning (Kuningan, Tasikmalaya)
33. Haurpancuh (Bandung)
34. Haurpanggung (Garut)
35. Haurpapak (Purwakarta)
36. Haurpugur (Bandung)
37. Haurséah (Garut, Majalengka, Subang, Sukabumi, Tasikmalaya)
38. Haurwangi (Cianjur)
39. Kirisik (Karawang, Tasikmalaya)
40. Pondokbitung (Bogor)
41. Selaawi (Bandung, Banten, Bogor, Cianjur, Garut, Purwakarta, Sukabumi)

Foto SMPN 1 CIGOMBONG:

NGARAN-NGARAN AWI

 Urang nataan ngaran-ngaran awi anu aya di urang (can kaasup awi impor atawa awi anu aya di nagri deungeun). Bisa jadi ngaranna teu sarua di unggal wewengkon. Tapi pék waé urang sebutan:

1. Awi apus

2. Awi ater

3. Awi bitung

4. Awi bangkonol

5. Awi buluh

6. Awi bunar

7. Awi cangkeuteuk

8. Awi caléngka

9. Awi cangkorah

10. Awi eul-eul

11. Awi andong

12. Awi gedé

13. Awi gembong

14. Awi gombong

15. Awi haur cucuk

16. Awi haur héjo

17. Awi haur konéng

18. Awi haur gereng

19. Awi haur séah

20. Awi haur tutul

21. Awi irateun

22. Awi kirisik

23. Awi léah

24. Awi leumeung

25. Awi mayan

26. Awi sarengkol/sengkol

27. Awi surat

28. Awi tali

29. Awi tamiang

30. Awi téla

31. Awi wulung/awi hideung

32. Pringgandani


Bisi aya nu kaliwat, pék tambahkeun!


Foto awi gombong:


Rabu, 17 Juni 2020 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

SALAH NULIS BISA SALAH HARTI

Upama urang ngabandungan status médsos kayaning facebook, twitter, jeung instagram; beuki loba baé anu ngagunakeun basa Sunda téh. Alhamdulillah, nya. Ngan loba anu salah nuliskeunana, pahili lebah nuliskeun “e” jeung “eu”. Anu kuduna “e” dituliskeun “eu”, sabalikna deuih anu kuduna “eu” dituliskeun “e”. Urang bebenah, lalaunan wé bari dipraktékkeun.


Anu kuduna “e”, ulah dituliskeun “eu”, contona:

anteng, ulah dituliskeun anteung
antep, ulah dituliskeun anteup
balem, ulah dituliskeun baleum
bandeng, ulah dituliskeun bandeung
bareng, ulah dituliskeun bareung
caket, ulah dituliskeun cakeut
dinten, ulah dituliskeun dinteun
gering, ulah dituliskeun geuring
henteu, ulah dituliskeun heunteu
kalem, ulah dituliskeun kaleum
kerep, ulah dituliskeun keureup
sareng, ulah dituliskeun sareung
senang, ulah dituliskeun seunang
sering, ulah dituliskeun seuring
sonten, ulah dituliskeun sonteun
terang, ulah dituliskeun teurang
wengi, ulah dituliskeun weungi
wilujeng, ulah dituliskeun wilujeung


Anu kuduna “eu”, ulah dituliskeun “e”, contona:

beurang, ulah dituliskeun berang
beureum (warna), ulah dituliskeun berem
beurit, ulah dituliskeun berit
beusi, ulah dituliskeun besi
beuteung, ulah dituliskeun beteng
deukeut, ulah dituliskeun deket
geulis, ulah dituliskeun gelis
hareup, ulah dituliskeun harep
haseum, ulah dituliskeun hasem
hideung (warna), ulah dituliskeun hideng
peuting (malam), ulah dituliskeun peting.
seuri, ulah dituliskeun seri
sieun, ulah dituliskeun sien
sireum, ulah dituliskeun sirem
teuing, ulah dituliskeun teing

Salah nuliskeun kecap, bisa ngarobah harti atawa maksud kalimah. Upamana baé ngagunakeun kecap “hideung” anu maksudna warna, ditulis “hideng”.  Ari “hideung” jeung “hideng” dua kecap anu béda hartina. 

Salah nulis bisa salah harti, saperti:

Angen = haté.
Angeun = sayur.

Beber = muhara walungan (hilir).
Beubeur = sabuk, géspér.

Benang = tali pikeun ngaput.
Beunang = hasil maksud (dapat).

Bener = leres, enya.
Beuneur = ngeusi pisan (paré).

Berem = gula tina ketan.
Beureum = warna.

Ceceb = nanceb.
Ceuceub = geuleuh, ijid.

Celi = ngaraksa pisan (jeli).
Ceuli = alat keur ngadéngé.

Dedel = ngeusian.
Deudeul = kai panahan darurung.

Depa = cicingna sasatoan.
Deupa = depa.

Embrek = dagangan teu laku.
Eumbreuk = kembang awi.

Hideng = ngarti.
Hideung = warna.

Jejer = téma.
Jeujeur = gagang useup.

Lebet = asup.
Leubeut = euyeub, loba (bungbuahan).

Leles = mencét, ngurut.
Leuleus = béak tanaga.

Nenggel = keuna pisan.
Neunggeul = ngaheumbatkeun kai.

Ngarey = seueul.
Ngareuy = mapay (menjalar).

Pengker = tukang.
Peungkeur = teu biyé.

Parem = babalur awak.
Pareum = eureun hurungna.

Peres = meureut/meret.
Peureus = rasa nyeri.

Peting = milih nu alusna.
Peuting = wengi.

Pera = béas/sangu biasa.
Peura = peuyeuh/serak.

Pepes = mareuman.
Peupeus = beulah.

Perih = kingkin, prihatin.
Peurih = rasa kanyeri.

Peti = kas/wadah tina kai.
Peuti = kutu sasatoan.

Rejeng = dicekel ku lobaan.
Reujeung = bareng.

Remis = haremis/draw (catur).
Reumis = cai ibun nu napel dina daun.

Sengit = ambek (pakalangan).
Seungit = wangi.

Seri = draw (skor).
Seuri = gumujeng.

Tetep = teu robah pamadegan.
Teuteup = tempo.

Utek = gerak.
Uteuk = otak.


Foto jelema ngalongok nu gering