Sabtu, 03 Februari 2018 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

NGARAN KADAHARAN NU ASALNA TINA BASA DEUNGEUN

Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung ngaran-ngaranna, ngan ucapanana diluyukeun jeung létah urang Sunda.
Geura urang tataan di antarana baé, sabab bisa jadi masih kénéh aya anu can kakémot:
- aci (basa Cina: a chí), tipung ngajadina ku diperes
- ager (basa Kawi: ager), bangsa jukut laut; zat lendir tina jukut laut; kadaharan anu bahanna tina jukut laut
- akua (basa Latin: equae; Basa Inggris: aqua), cai. Kiwari ngandung harti cai mineral
- bacang (basa Cina: bah tsàng), ngaran kadaharan tina béas atawa ketan, dibungkus ku daun hanjuang atawa daun awi, bangunna siga congcot leutik, dikulub
- bakmi (basa Cina: bah min), kadaharan tina tarigu, wangunna paranjang saperti tali
- bakpia (basa Cina: bah pian), kuéh kering, wangunna buleud rada gepéng, dijieunna tina tarigu, dieusian kacang héjo
- bapaw (basa Cina: bah pau), sarupa kuéh anu dijieunna tina tarigu, dieusian kacang héjo, kalapa diparud, jeung daging
- baso (basa Cina: bah so), kadaharan anu dijieunna tina daging, lauk, dicacag dihijikeun jeung aci sarta endog bobodasna, biasana baruleud
- ba’wan (basa Cina: bah oan), kadaharan anu dijieunna tina jagong ngora, jsb. dilemeskeun, dicampuran tahu atawa hurang, diadonan ku endog jeung tarigu, terus digoréng
- bihun (basa Cina: bi hun), emih lemes, rupana bodas, dijieunna tina tipung (béas), sok disebut ogé mihun
- biskuit (basa Belanda: biscuit), 1. roti anu dibakar deui, biasana sanggeus dimantégaan jeung digulaan; 2. rupa-rupa kuéh nu biasa dikaléngan, saperti mari, sultana, jsté.
- bistik (basa Belanda: biefstuk), daging anu dikeureutan sarta diasakanana istiméwa
- blumkol (basa Belanda: bloomkool), kembang engkol
- buncis (basa Belanda: boontjes), ngaran sabangsa kacang, siga kacang beureum nu héjo kénéh, tangkalna ngarambat
- capcay (basa Cina: tsáp chhài), ngaran kaolahan bangsa Tionghoa
- cingcaw (basa Cina: chhin chhau), kadaharan siga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop
- coklat, soklat (basa Belanda: chocolade), 1. ngaran tangkal jeung buahna, sikina sok ditipung kawas kopi, jadi bahan inumeun jeung kadaharan; 2. sabangsa kuéh atawa amis-amis tina tipung coklat maké gula, susu, jsté.
- dodol (basa Kawi: dwadwal), sabangsa kuéh; ngaran amis-amis nu dijieun tina rupa-rupa bahan kadaharan dicampur gula jeung cipati, tuluy digodogkeun nepi ka liket
- donat (basa Inggris: donut), ngaran kuéh dadakan tina tarigu, bangunna siga jalabria, tapi leuwih gedé
- ébi (basa Cina: he bí), udang kering, hurang meunang nyeupan tuluy digaringkeun
- és (basa Belanda: ijs; Basa Inggris: ice), cai beku
- emi, emih (basa Cina: mih), ngaran kadaharan siga laksa tina tarigu; emih goréngeun sok diringkel-ringkelkeun cara kurupuk aci
- engkoI (basa Belanda: kool), ngaran sayuran, nu diarah pangpangna daunna nu bodas kénéh, endogna
- entéh, téh (basa Belanda: thee),1. ngaran tutuwuhan anu pucukna sok dikokolakeun dijieun téh; 2. bahan inumeun tina pucuk entéh nu geus dikokolakeun sarta digaringkeun cientéh atawa citéh, cai inumeun tina cai panas dicampuran téh
- gabah (basa Kawi: gabah), bangsal (paré nu geus lésot tina ranggeuyanana)
- gaplék (basa Jawa: gaplék), koléntang, sampeu atah meunang mesék, dipasian ka panjangna tuluy dipoé nepi ka garing
- ginseng (basa Cina: jin sim), tutuwuhan obat anu asalna ti Asia Wétan, hasiatna dipercaya pikeun ngahudang sahwat
- gulé (basa Kawi: gulay), angeun daging anu bungbuna husus
- hui (Basa Kawi: huwi), boléd, mantang, ngaran tutuwuhan nu lolobana ngareuy diarah beutina nu semu amis, kembangna siga kembang kangkung
- iwung (basa Kawi: bung), awi ngora; anak awi nu mangrupa boros kénéh
- jahé (basa Kawi: jahé), ngaran tutuwuhan sabangsa lampuyang, daunna, kembangna sok dipaké ubar
- jawadah (basa Arab: azwidatun), bekel; kadaharan anu dibawa pikeun di perjalanan. Kiwari ngandung harti: ngaran amis-amis sabangsa dodol tina tipung béas biasa
- jus (basa Inggris: juice), sari buah, inuman tina buah-buahan anu digiling
- kabuli (basa Arab: qabuulun), sangu kabuli, sarupa liwet maké minyak samin, maké daging domba
- kaldu (basa Portugis: caldo), cai kaldu atawa cikaldu, cai panggodogan daging, biasana dihaja diarah keur nu gering atawa keur pasakan istiméwa
- kalua (basa Arab: kalwaa), ngaran amis-amis tina bubuahan, jsté. nu digodog ku cigula nepi ka bisa dililakeun, boh baseuh, boh dituhurkeun
- kangkung (basa Kawi: kangkung), ngaran sayuran nu hirup dina cai déét, kembangna siga kembang boléd, ngareuy cara boléd
- karokét (basa Perancis: croquette), ngaran kadaharan tina cacag daging, jsté. dibulen ku kulub kentang meunang ngaréndos, tuluy digoréng kawas comro, ngan leuwih gedé
- kécap (basa Cina: ke chiap), panyari kaolahan jsté. nu dijieun tina cai kacang kadelé diuyahan, digulaan, jsté.
- kiju (basa Portugis: queijo), ngaran kadaharan tina cisusu sapi
- kopi (basa Belanda: koffie, basa Inggris: coffee) ngaran tangkal jeung buahna nu sok diseduh jadi inumeun, hasiatna matak seger jeung ngaleungitkeun rasa tunduh
- koaci (basa Cina: koa chi) siki samangka anu digaringkeun jeung diasin
- kolésom (basa Cina: ko le som), akar anu dijadikeun obat kuat, ginseng
- kucay (basa Cina: ku chhai), sabangsa sayuran
- kuéh (basa Cina: ku we), ngaran rupa-rupa kadaharan, biasana amis-amis, babakuna anu diadonan maké endog
- kuétiau (basa Cina: koe tiau), emih anu gepéng tur rubak
- lisong (basa Cina: li song), roko anu bakona dicampuran menyan
- lobak (basa Cina: loh paak), ngaran sayuran sabangsa bit, tapi beutina bodas, sarta panjang, sok dida¬har atah atawa diasin
- lumpia (basa Cina: lun piann), kadaharan sarupa dadar anu dieusian daging, iwung, jsb. digulungkeun tuluy digoréng
- makaroni (basa Belanda: macaroni), ngaran kadaharan tina tarigu sabangsa emi, tapi liangna siga solobong (kabeuki urang Itali)
- mantéga (basa Portugis: manteiga), ngaran bahan kadaharan nu dijieun tina cisusu sapi, pikeun ngulasan roti, campuran adonan kuéh jsté.
- margarin (basa Inggris: margarine), mantéga anu dijieun tina gajih sasatoan atawa tutuwuhan
- mari (basa Belanda: marie), ngaran sarupa kuéh kering (kuéh kaléng), baruleud gepéng, aslina buatan nagara Walanda
- marus (basa Kawi: marus) getih. Kiwari ngandung harti: getih munding jsté, nu sanggeus kimpel dikulub, sarta dijieun kadaharan
- mihun (basa Cina: min hun), bihun
- moci (basa Cina: mo ci), ngaran sabangsa kuéh kabeuki bangsa Cina jeung Jepang
- panéli (basa Perancis: vanille), angkrék anu buahna seungit, sok dipaké nyeungitan kuéh atawa bako
- pangsit (basa Cina: pang sit), ngaran kadaharan Cina sarupa kurupuk
- paré (basa Kawi: pari) ngaran tutuwuhan sabangsa jukut jeung ngaran buahna; paré dijadikeun béas
- pastél (basa Belanda: pastel), ngaran sarupa kadaharan
- pécay (basa Cina: peh chchai), ngaran sayuran sabangsa jabung, tapi teu nyereng, sarta ti jerona bodas kawas engkol
- permén (basa Belanda: ferment), sarupa gulali anu nyereng tina tutuwuhan
- podeng (basa Belanda: pudding), ngaran amis-amis, kuéh dadakan tina tarigu maké endog jeung mantéga, kismis, jsté. tuluy dibakar atawa diseupan
- sakoteng (Basa Cina: su ko theng) ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas siga siki dalima, ditinyuh ku cigula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu
- sampeu (basa Belanda: cassave), ngaran tutuwuhan nu babari jadi diseték, beutina paranjang rata-rata sagedé leungeun, ngandung aci, sarta sok dijieun rupa-rupa kadaharan saperti katimus, comro, kiripik, oyék, peuyeum, jsté., pucukna sok diseupan
- sangu (basa Kawi: sangu), bekel, dahar. Kiwari ngandung harti: kéjo, kadaharan tina béas
- saos (basa Belanda: saus), campuran sambara nu éncér pikeun ngucuran kaolahan atawa kuéh puding jsté.
- saté (bahasa Tamil: satai), daging dipotongan laleutik, dicolokan, terus dipanggang; bungbuna sambel suuk jeung kécap
- sardéncis (basa Belanda: sardines), ngaran lauk laut sarupa lamuru, lauk leutik tapi ngeunah, sok dikaléngan maké saos
- semur (basa Belanda: smur), sarupa kaolahan daging sambara luluguna pala jeung pedes
- setrup (basa Belanda: stroopje), 1. gula anu diéncérkeun keur diinum; 2. sari bungbuahan anu dikentelkeun
- sirop (basa Inggris: syrup), gula anu diéncérkeun dicampur sari buah-buahan keur diinum
- sitrun (basa Belanda: citroen), sabangsa jeruk anu haseum
- soto (basa Cina: sio to), angeun anu kuahna dimasakna misah, bukurna daging, kentang, goréng bawang, jsb.
- tahu (basa Cina: tau hu), kadaharan tina kadelé, digiling, diseupan, tuluy dicitak
- tangkuéh (basa Cina: tang koe), manisan anu dijieun tina waluh gedé, jsb.
- tauco (basa Cina: tau chio), kadaharan tina kadelé, sanggeus diseupan tuluy diawétkeun make uyah
- togé (basa Cina: tau ge), kacambah sabangsa kakacangan saperti kacang héjo jeung kadelé
- wortel (basa Belanda: wortel), ngaran sayuran anu warnana konéng semu beureum.

Poto: Karédok, salasahiji kadaharan has Sunda.

0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!