Jumat, 24 Februari 2023 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

NGALARAPKEUN KECAP NAON, NAHA, JEUNG KULAN

Salasahiji kamajuan téhnologi téh nya éta ayana média sosial, kandaga komunikasi. Tujuanana sangkan leuwih gampang keur méré béwara atawa alakadar nanya kabar; boh ka dulur, kabogoh, sumawonna ka babaturan. Bentukna mah bisa waé ngaliwatan telepun (audio) atawa ku bentuk ketikan/tulisan.

Ku kituna, urang pedar waé ngeunaan tulisan (ketikan), anu masing-masing ngabogaan pelenggeran sarta aturanana. Upamana waé dina ngalarapkeun kecap NAON, NAHA, jeng KULAN. Remen pisan anu salah ngalarapkeun, hayang kadéngé lemes nepi ka kecap téh diganti ku kecap anu lain parantina, antukna tarigul jeung leungit kaéndahan basa téh. Mangga urang pedar waé, itung-itung pangaweruh tur ngajadi bahan pikeun ngamumulé basa indung, nya éta basa Sunda.

Mangga titénan conto di handap!
a). NAON
1. “Néng Oca nuju naon?”
2. “Néng Oca nuju naha?”
3. “Néng Oca nuju kulan?”

Conto anu bener nya éta nomer 1 (hiji). Lantaran kecap NAON kadéngé jiga kasar, tungtungna dilemesan ku kecap NAHA jeung kecap KULAN, padahal éta téh salah. Jadi, teu kudu maksa dilemeskeun, dalah geus lemes ieuh.

b). NAHA
4. “Naon bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh.”
5. “Naha bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh."
6. “Kulan bet asa deudeuh pisan ka Néng Oca téh.”

Anu maca pasti surti, yén anu bener larapna nya éta nomer 5 (lima). Kecap NAHA téh kurang-kurangna mah pikeun ngagambarkeun kaayaan jalma anu keur anéheun, hémeng (heran).

c). KULAN
Kecap KULAN gunana pikeun ngajawab/némbal anu nyalukan (memanggil). Kecap KULAN ogé dilarapkeun keur lalaki, lamun keur awéwé nya éta maké kecap KAH.
Contona:
T: “Akang... Akang héy!”
J: “Kulan geulis.”

T: “Néng Oca, cik tinyuhkeun kopi keur Aa!”
J: “Kah Aa, punten nembé mah teu kakuping.”


Ilaharna, loba nu salah ngalarapkeun téh bagian kecap NAON anu dirobah ku kecap NAHA jeung KULAN. Sapamanggih dina média sosial téh jiga kieu unina:

“Kunaha atuh Akang téh?”

“Akang nuju kulan atuh?”

“Kunaha nya hirup téh asa rungsing kieu?”

Foto Kamu Nényé:

0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!