Titénan conto kalimah di handap!
(1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur.
(2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul.
(3) Rumaos abdi mah teu bodo-bodo acan kana tembang téh.
Dina kalimah di luhur aya ungkara sasaungan, mung tiasa ngagorolong wungkul, jeung teu bodo-bodo acan. Dina kontéks kalimah di luhur mah éta ungkara téh kaasup gaya basa ngasor (litotés). Éta ungkara mibanda harti anu sabalikna jeung kanyataanana. Da geuning anu disebut “sasaungan” dina kalimah (1) téh imah témbok anu gedé tur agréng. Ari mobil anu “mung tiasa ngagorolong wungkul” dina kalimah (2), nyatana mah mobil Pajéro anyar meunang meuli ti dealer. Kitu deui jeung ungkara “teu bodo-bodo acan” kana tembang, anu diucapkeun ku pinunjul katilu Pasanggiri Tembang Sunda Damas. Atuh sabodo-bodona ogé pinunjul pasanggiri tembang, piraku wé mun nembangna henteu matak dédéngéeun téh.
Gaya basa ngasor téh nya éta ungkara anu saniskara dileuleutikeun, dihandapkeun, sakapeung sok dipaké ngarendahkeun diri pikeun nandakeun hormat atawa handap asor.
Contona séjénna:
(1) Mangga atuh dituang, deungeunna gé saaya-aya wé di dieu mah.
Anu cenah saaya-aya téh buktina mah sagala aya. Aya goréng guramé, saté maranggi, jeung sajabana.
(2) Alhamdulillah, kénging THR, lumayan wé keur jajan budak mah.
Anu disebut keur jajan budak téh, buktina mah leuwih ti lima juta.
(3) Hapunten ka sadayana, rumaos abdi mah seueur kakirang.
Dina béhna anu majar seueur kakirang téh, lubak-libuk sagala boga. Ngan teu boga kapal terbang wungkul.
(4) Kedah ageung ngahapunten ka pun anak, malum jalmi teu aya kanyaho.
Padahal anakna téh kakara balik sakola ti Amrik, gelarna ogé ngantay deuih.
Poto: dahar saaya-aya.
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!