Metonimia dina basa Sunda disebut gaya basa ocon. Nu kumaha
gaya basa ocon téh? Tengetan heula contona di handap!
“Saprak aya listrik, teu aya wé patromak téh. Digentos ku listrik.”
Kecap patromak dina ungkara di luhur kiwari geus jadi ngaran jenis hiji barang. Padahal tadina mah mangrupa mérek lampu minyak anu dikompa. Ayeuna mah apan sakur lampu minyak anu dikompa, disebutna téh patromak, sanajan mérekna séjén ogé. Teu béda ti kecap odol. Saenyana odol téh mérek (cap) pasta paranti ngosok huntu jaman baheula. Ari ayeuna, sakur pasta gigi apan disebutna téh odol.
Ayeuna perhatikeun conto kalimah di handap!
(1) Gaya euy, ayeuna mah Pa Didi geus boga Kijang.
(2) Cik Jang, pangmeulikeun Kapal Api ka warung Ceu Édoh.
Kecap Kijang dina kalimah (1) tuduh kana mobil. Pédah mobil Pa Didi mérekna "Kijang".
Ari kecap Kapal Api nuduhkeun kopi mérek "Kapal Api". Maenya atuh aya warung anu ngajual kapal api.
Tah, kekecapan atawa ngaran (mérek, cap, jsb.) hiji barang anu dipaké pikeun gaganti barang anu dituduhkeunana disebutna gaya basa metonomia, anu disundakeun ku paraahli jadi gaya basa ocon.
Salian ti éta, aya deui gaya basa ocon téh. Nya éta anu nyebut ngaran jelema, padahal anu saenyana mah nuduhkeun pagawéanana.
Conto:
(3) Basa manéhna datang téh, kuring keur ngadéngékeun Darso.
(4) Kamari manéh lalajo Chris Jhon henteu dina televisi?
Kalimah (3) maksudna mah “ngadéngékeun lagu anu dihaleuangkeun ku Darso”. Ari dina kalimah (4) maksudna “lalajo tinju anu maénna Chris John”.
Conto séjénna:
1. Ari ka sakola mah ulah maké lépis atuh, Jang!
2. Uing mah teu kudu nimba, sabab geus maké san-yo.
3. Nganjang ka Abah Uho mah kudu mawa Gudang Garam beureum.
Poto: ngobor ku patromak
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!