Paribasa nya éta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép-seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanana. Bédana jeung babasan, upama nilik kana wangunna paribasa mah winangun (ungkara) kalimah. Lain kecap, gabungan kecap, atawa frasa saperti babasan.
Ciri-ciri paribasa:
1) Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
2) Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
3) Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
4) Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing-pasing jadi opat golongan nya éta:
a. Paribasa wawaran luang, nya éta paribasa anu eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku-lampah urang.
Contona:
1) Ayakan mah tara meunang kancra, maksudna: usaha anu modalna leutik mah moal meunang kauntungan anu gedé.
2) Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai, maksudna: lubak-libuk loba harta (duit), tapi teu bisa maké lantaran lain hakna.
3) Buburuh nyatu diupah béas, maksudna: meunang dua kauntungan, atawa diajar (sakola) bari meunang béasiswa (waragad).
4) Jati kasilih ku junti, maksudna: ménak kaéléhkeun ku somah atawa pribumi kasedekkeun kahirupanana ku sémah (urang asing).
5) Jelema sok keuna ku owah gingsir, maksudna: umumna jelema mah sok robah tangtunganana tara kuat nahan gogoda.
6) Mapatahan ngojay ka meri, maksudna: mapatahan ka jelema anu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.
7) Moal aya haseup mun euweuh seuneu, maksudna: biasana sagala rupa béja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahna nu meunang ngaréka.
8) Sagalak-galakna macan, tara ngahakan anakna, maksudna: sakumaha bengisna indung-bapa moal téga ka anak; moal nepi ka ngabinasa atawa nyilakakeun anak.
b. Paribasa pangjurung laku hadé, nya éta paribasa anu eusina pangjurung pikeun milampah kahadéan; bisa dipiheulaan ku kecap kudu, bisa ogé henteu.
Contona:
1) Ari diarah supana, kudu dijaga catangna, maksudna: lamun aya barang anu diala hasilna, kudu dipiara enya-enya.
2) Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, maksudna: layeut, runtut-raut, silihayunkeun
3) Kudu ngukur kana kujur, nimbang kana awak, maksudna: sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan, ulah sok nahap-nahapkeun manéh.
4) Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan, maksudna: kudu junun ari digawé, ulah kabéngbat ku nu lain-lain.
5) Maot ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja, maksudna: Sing bener waktu keur hitup, ambéh henteu jadi omong batur ari geus maot.
6) Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék, maksudna: lamun teu usaha atawa teu digawé moal boga dahareun.
7) Pindah cai pindah tampian, maksudna: ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di pangumbaraan henteu tukuh kana adat jeung kabiasaan di tempat asal.
c. Paribasa panyaram lampah salah, nya éta paribasa anu eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawéan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur.
Contona:
1) Cul dogdog tinggal igel, maksudna: ninggalkeun pagawéan poko tuluy ngalakukeun pagawéan anu henteu perlu.
2) Ka langit sieun ku gelap ka bumi sieun ku cacing, maksudna: dina sagala rupa perkara ngarasa inggis ku bisi rémpan ku sugan, borangan ku nanggung risiko.
3) Moro julang ngaleupaskeun peusing, maksudna: ngaleupaskeun anu geus aya (pagawéan, barang, jsb.) lantaran hayang meunang anu leuwih bari jeung can karuhan.
4) Ngeupeul ngahuapan manéh, maksudna: nyieun aturan anu nguntungkeun pikeun ka dirina sorangan (pamingpin).
5) Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup, maksudna: néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
6) Marebutkeun balung tanpa eusi, Maksudna: madukeun perkara nu teu taya hasilna.
7) Neukteuk curuk dina pingping, maksudna: 1. nyilakakeun atawa ngahukum baraya atawa batur sagolongan; 2. ngadakwakeun baraya atawa batur sagolongan, jadi kaciwit kulit kabawa daging; 3. nyaritakeun kagoréngan baraya sorangan (tangtu kabawa goréng)
8) Ulah nyeungseurikeun upih ragrag, maksudna: ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman).
d. Paribasa pépéling, nya éta paribasa anu eusina naséhat atawa pituah.
Contona:
1) Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok, maksudna: upama dileukeunan bari junun, sagala rupa nu hésé ogé bakal bisa
2) Datang katénjo tarang, undur katénjo punduk, maksudna: tatakrama nu amit-amitan, némbongkeun yén taya geuneuk-maleukmeuk atawa teu sérong salingkuh.
3) Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna, maksudna: padoman hirup, hirup kudu bari nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat, sarta kudu sigar tengah.
4) Hadé ku omong goréng ku omong, maksudna: sagala rupa perkara biasana dianggap hadé atawa goréng ku batur gumantung kana cari¬taan urang atawa kana basa nu dipaké ku urang.
5) Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat, maksudna: indung-bapa anu ngalantarankeun hirup aya dina kamulyaan jeung kaberkahan; kudu ngajénan tur ngéstokeun ka indung-bapa.
6) Kabeureuyan mah lain (tara) ku tulang munding tapi ku cucuk peda, maksudna: biasana kacilakaan téh dilantarankeun ku perkara leutik anu henteu diperhatikeun; nu matak ulah mokahaan kana urusan leutik
7) Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal, maksudna: hirup kudu ati-ati maké itungan.
8) Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung, maksudna: leuwih hadé dicaritakeun nu banggana heula, tibatan dibibitaan heula ku piuntungeunana bisi ahirna kaduhung
Paribasa ogé bisa dipasing-pasing dumasar kana barang atawa hal anu dipaké mapandékeunana. Tapi keun, éta mah urang guar engké deui.
Poto: Ayakan mah tara meunang kancra.
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!