Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Ciri-cirina:
1) Babasan téh babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, paripolah, sarta nasib jelema jeung sabudeureunana.
2) Babasan téh kecap, frasa, atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain harti saujratna.
3) Babasaan henteu bisa dirobah, dikurangan atawa dileuwihan; sarta aya sawatara babasan anu teu bisa dilemeskeun.
Dumasar kana babandinganana, babasan bisa dipasing-pasing, di antarana:
a. Anu dipaké babandinganana sasatoan.
Contona:
1) balég tampélé, maksudna: mangkat begér (lanjang) wani di tukangeun, ari di hareupeun éra kénéh.
2) beuteung anjingeun, maksudna: beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung anjing.
3) caréham hayameun, maksudna: hayang barangdahar baé.
4) élmu sapi, maksudna: guyub dina hal nu kurang hadé; sabilulungan teu jeung jeujeuhan, teu maké pikiran séhat.
5) heueuh-heueuh bueuk, maksudna: nyebut heueuh atawa mupakat tapi teu terus jeung haté.
6) hulu peutieun, maksudna: leutik sirah, henteu sabanding jeung awakna, dipapandékeun kana peuti nya éta kutu munding anu huluna leutik.
7) kokolot begog, maksudna: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu keur meujeuhna bangor).
8) peujit koréseun, maksudna: isuk-isuk kénéh kudu geus dahar atawa barangdahar, elat meueusan sok nyelengit beuteung.
b. Anu dipaké babandinganana tatangkalan jeung bungbuahan.
Contona:
1) dibabad pacing, maksudna: disabetan ku pedang ngénca-ngatuhu.
2) éntép seureuh, maksudna: paréléan atawa susunan; sistimatika.
3) galagah kacaahan, maksudna: nganteur atawa ngalajur napsu kababawa ku batur
4) héjo carulang, maksudna: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo, dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng
5) kawas beubeulahan terong, maksudna: sakarupa pisan siga nu kembar.
6) nénéh bonténg, maksudna: ngogo ka budak tapi ari ambek gampang neunggeul.
7) pucuk awian, maksudna: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu luak léok katebak angin.
8) rubuh-rubuh gedang. maksudna: ka (barudak) nu diajar salat barjamaah (amum) kakara nurutan ruku-sujudna wungkul.
c. Anu dipaké babandinganana barang.
Contona:
1) bedah bendungan, maksudna: kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
2) dogdog pangréwong, maksudna: 1. jalma nu mantuan pagawéan tamba lumayan, sakadar ngabantu sautak-saeutik, teu boga tugas nu penting; 2. milu nyarita minangka éstra
3) élmu ajug, maksudna: élmu nu teu dipaké ku sorangan, ngan ukur dipaké mapatahan ka batur
4) gurat batu, maksudna: kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun, dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
5) héjo tihang, maksudna: teu cééhan, resep pipindahan (pindah imah), atawa resep gunta-ganti pagawéan
6) indit sirib, maksudna: indit saréréa saeusi imah, upamana ka panglalajoan atawa ka nu kariaan
7) sari gunung, maksudna: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
8) teguh pancuh, maksudna: pageuh pamadegan.
d. Anu dipaké babandinganana awak jeung babagian awak.
Contona:
1) ateul biwir, maksudna: geus hayang pok nyarita ngedalkeun kakeuheul atawa nyarékan
2) béngkok tikoro, maksudna: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
3) cucuk panon, maksudna: teu adil dina barangbéré atawa dina ngabagikeun barang
4) galégéh gado, maksudna: saréséh, akuan
5) gedé hulu, maksudna: sombong, adigung.
6) heurin ku létah, maksudna; teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu, ka dieu
7) kokod monongeun, maksudna: teu daékeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum)
8) panjang leungeun, maksudna: daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
e. Anu dipaké babandingan jelema atawa tokoh kasohor
Contona:
1) kawas bodor réog, maksudna: jelema nu dina tingkah lakuna pikaseurieun.
2) kawas dongéng si Boséték, maksudna: gunta-ganti aturan tapi taya parobahanana, dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi taya kamajuan.
3) kawas Rama jeung Sinta, maksudna: pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.
4) siga Si Cépot, maksudna: goréng patut.
f. Mangrupa kecap-kecap anu murwakanti.
Contona:
1) awét rajét, maksudna: anu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadanana.
2) clik putih clak hérang, maksudna: rido, iklas, kaluar tina haté anu beresih.
3) gugon tuhon, maksudna: ku¬kuh, satuhu, boh ka dunungan, boh ka¬na kabiasaan atawa kapercayaan.
4) jabung tumalapung, maksudna: pipilueun nyarita némbongkeun pamadegan dina pasamoan (gempungan) bari rumasa lain layakna, ngan ku lantaran kapaksa
5) jampé pamaké, maksudna: rupa-rupa jampé jeung tingkah-laku pikeun ngahasilkeun maksud atawa ajian pikeun ngaganggu diri atawa ingetan batur, saperti teluh, wisaya, pélét, jsté
6) pinter kabalinger, maksudna: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa nyieun aturan anu tgeu bener.
7) olok tombok, maksudna: rugi atawa ngaluarkeun duit sorangan, jsté.
Dumasar kana eusina babasan bisa dipasing-pasing, di antarana:
a. Babasan anu ngagambarkeun pasipatan jalma.
Contona:
1) amis budi. maksudna: alus budi parangi, ana nyarita mindeng dibarung ku seuri
2) béar budi, maksudna: daréhdéh, saréséh, soméah.
3) héjo tihang, maksudna: teu cééhan, resep pipindahan (pindah imah), atawa resep gunta-ganti pagawéan
4) ieu aing, maksudna: angkuh, sombong, adigung
5) leuleus awak, maksudna: hampang birit, daékan ditutah-titah, sarta resep babantu ku karepna sorangan.
6) lindeuk japati, maksudna: siga lindeuk tapi linghas, bisa méré budi manis tapi teu beunang dipaké kaheureuyan (wanita).
7) pinter kodék, maksudna: licik, daék ménta embung mere
8) pucuk awian, maksudna: pula-pilu, teu boga tangtungan sorangan.
b. Babasan anu ngagambarkeun kaayaan awak jeung rupa jalma.
Contona:
1) alus laur, maksudna: alus dedegan jeung hadé langgéorna
2) awak sampayan, maksudna: awak anu jangkung-leutik atawa lenjang atawa jangjing, alus potonganana, maké papakéan nu kumaha baé teu weléh pantes katénjona
3) awak satilas, maksudna: awak nu sedeng, lenjang, hadé potongan
4) boga sorot, maksudna: boga rupa hadé sarta pikaresepeun.
5) bongkok méongeun, maksudna: potongan badan (awéwé) nu lebah cangkéngna semu bengkung ka tukang.
6) harigu manukeun, maksudna: hariguna nonjol ka hareup (jelema)
7) hulu peutieun, maksudna: leutik teuing sirah mun dibandingkeun jeung awakna.
8) sari gunung, maksudna: tegep geulis katénjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.
c. Babasan anu ngagambarkeun rarasaan jalma.
Contona:
1) asa bucat bisul, maksudna: ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat atawa sanggeus lésot tina kasusah.
2) asa dijual payu, maksudna: cuang-cieung ditinggalkeun di panyabaan at, di pangumbaraan ku nu ngajak ka dinya.
3) asa ditonjok congcot, maksudna: kacida atohna, lantaran dibéré barang anu kacida dipikahayangna atawa meunang pikabungaheun anu teu disangka-sangka.
4) asa katumbu umur, maksudna: ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusah, sap. dibéré nginjeum duit, jsté.
5) éra parada, maksudna: ngarasa éra ku lampah batur atawa ku omonganana anu matak aéb.
6) gantung déngé, maksudna: ngarasa hanjakal, hayang kénéh ngadéngékeun, anggeus mantén.
7) kamenyan konéng, maksudna: kawiwirangan
8) kapiring leutik, maksudna: ngarasa éra, kaéraan.
d. Babasan anu ngagambarkeun paripolah jalma.
Contona:
1) ajak jawa, maksudna: ngajak atawa nawaran tapi ngan saukur basa-basi.
2) malikkeun pakarang, maksudna: ngalawan ka dunungan ku pakarang paméréna.
3) mandeg mayong, maksudna: reyang-reying, asa-asa dina rék nyaba, naha indit naha entong, teu gilig haté.
4) meupeus keuyang, maksudna: ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu bo¬ga kasalahanana mah teu wani ngambek.
5) ngabudi ucing, maksudna: kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.
6) ngadeupaan lincar, maksudna: karalang-kuriling deukeut imah nu keur sidekah ngarah diondang.
7) nyoo gado, maksudna: ngulinkeun atawa ngaheureuykeun jalma nu pantesna dihormat.
8) saur manuk, maksudna: babarengan (jalma loba) ngucapkeun sawatara omongan atawa nyebut: mupakat, akur, mangga, jsté.
e. Babasan anu ngagambarkeun hal anu tumiba ka jalma.
Contona:
1) along-along bagja, maksudna: teu tulus meunang bagja.
2) balik ngaran, maksudna: maot di panyabaan, di pangperangan atawa di tempat ngajalankeun tugas di nu jauh.
3) béngkok tikoro, maksudna: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran teu datang atawa geus béakeun mantén.
4) katurug katutuh, maksudna: keur susah katambah ku pikasusaheun deui (nu keur apes).
5) ngadago-dago dawuh, maksudna téréh maot, ngadagoan panyaur Pangéran.
6) ngareuntaskeun dungus, maksudna: kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur padangora dina umur pakokolot.
7) numbuk di sué, maksudna: ninggang atawa meneran keur sué sababaraha kali
8) pareumeun obor, maksudna: teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun, lantaran euweuh nu méré katerangan.
f. Babasan anu ngagambarkeun barang atawa hal.
Contona:
1) bobo sapanon carang sapakan, maksudna: teu puguh undak-usukna teu bérés éntép-seureuhna; éta bbs. sok dipaké pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa péréléanana.
2) cacag nangkaeun, maksudna: henteu bérés atawa henteu alus, lantaran mindeng ditunda tuluy dihanca deui (pagawéan atawa carita)
3) duit pait, maksudna: duit nu teu beunang digasab
4) jaman caring dua saduit, maksudna: waktu nu geus lila kaliwat, jaman baheula pisan.
5) kabar tolok, maksudna: kabar nu nyebarna ditatalépakeun, teu puguh sumberna, sok disebut ogé béja déIan (gedé di jalan)
6) kawas durukan huut, maksudna: pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gedé.
7) lalayu sekar, maksudna: (papakéan) an¬tara weuteuh jeung buruk, pantes kénéh dipaké ka jalan.
8) tepung gelang, maksudna: 1. tungtung jeung tungtung nyambung deui sanggeus ngarupakeun buleudan; 2. tepung kuriling, nepi deui ka urut ngamimitian lumaku sanggeus nguriling atawa ka tempat mimiti ngagarap pagawéan anu sipatna nguriling.
g. Babasan anu ngagambarkeun patempatan.
Contona:
1) bali geusan ngajadi, maksudna: lemah cai, tempat dilahirkeun.
2) galudra ngupuk, maksudna: sesebutan (minangka caturanggana) ka dayeuh atawa padataran nu kalingkung ku gunung, biasana ma'mur lantaran teu kurang cai
3) lembur singkur, mandala singkah, maksudna: tempat nu nyumput sarta jauh
4) nonggong kuya. maksudna: kawas tonggong kuya (jalan), supaya taya cileuncang nu ngembeng di tengah jalan
5) pasar kojéngkang, maksudna: pasar teu maké jongko maneuh, di sisi jalan, geus rada beurang bubar.
6) saampar samak , maksudna: sageblég tur sarua kaayaanana; sakapat, satatar (sawah, kebon).
7) tanah satapak peucang, maksudna: tanah heureut (gaya basa ngasor).
8) témbong gélor, maksudna: siga deukeut katémbongna, padahal jauh (tempat).
Poto: Mojang Sunda alus laur.
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!