Kecap kantétan téh nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun kecap jeung kecap, kecap jeung cakal, atawa cakal jeung cakal; sarta miboga harti anu béda jeung unsur-unsur pangwangunna.
Palanggeran cara nuliskeunana:
1. Kecap kantétan, kaasup istilah husus, bagian-bagianana ditulis misah.
Contona:
- gedé hulu
- konéng gedé
- kacang panjang
- ngahuntu kala
- kacanir bangban
- bongkok méongeun
- mata simeuteun
2. Kecap kantétan anu geus dianggap gumulung jadi hiji, ditulisna ngantét.
Contona:
- panonpoé
- kacapiring
- kacamata
- randamidang
Catetan:
Nu kumaha ari kecap kantétan anu geus gumulung téh? Nepikeun ka ayeuna can aya wangenana anu jinek.
3. Kecap kantétan, kaasup istilah husus, anu bisa nimbulkeun salah baca bisa digeretan pikeun negeskeun tatali di antara unsur-unsurna.
Contona:
- tiori-sastra anyar
- buku sajarah-anyar
- buku-sajarah anyar
4. Upama salasahiji unsur kecap kantétan téh, kecap anu ngan dipaké dina wangun kauger, éta kecap kantétan ditulisna ngahiji.
Contona:
- amoral
- antardésa
- antikorupsi
- caturwulan
- dwiwarna
- ékstrakurikulér
- nonformal
- purnawirawan
- semifinal
- swadaya
- tunawisma
5. Upama wangun kauger téh dituturkeun ku kecap anu aksara mimitina aksara gedé, di antara éta dua unsur kudu maké tanda geret (-).
Contona:
- non-Sunda
- pan-Arabisme
- anti-PKI
- pro-Amérika
6. Kecap “maha” anu mangrupa unsur kecap kantétan ditulis ngahiji, iwal lamun dituturkeun ku kecap anu lain kecap asal.
Contona:
- mahasiswa
- mahaguru
- maharaja
7. Kecap “maha” anu tuduh kana sipat Gusti Alloh, unggal unsurna dimimitian ku aksara gedé.
Contona:
- Mahauninga
- Mahakawasa
- Maha Ngadangu
Poto: Mahasiswa di Myanmar, biasa maké sarung.
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!