Kecap sulur téh kecap anu dipaké gaganti kecap barang (nomina), sok disebut ogé pronomina. Keun sual téorina mah nya, urang guar sa deui. Ayeuna mah urang medar cara nuliskeunana baé.
Kecap gaganti ngaran aya sababaraha golongan, di antarana:
1. Kecap gaganti ngaran jalma kahiji: abdi, kuring, déwék, aing, uing, kaula, kula, di dieu, kami, urang.
2. Kecap gaganti ngaran jalma kadua: anjeun, manéh, sia, silaing, hidep, andika, énté, salira.
3. Kecap gaganti ngaran jalma katilu: anjeunna, manéhna, inyana, mantenna.
Anu disebutan di luhur téh kecap gaganti ngaran tunggal, aya deui kecap gaganti ngaran lobaan (jama), di antarana: abdi sadayana, urang (saréréa), kuring saparakanca, aranjeun, maranéh, hidep saréréa, aranjeunna, maranéhna.
Nuliskeunana dimimitian ku aksara leutik, iwal anu ditujulkeun ka Gusti Alloh. Upama anu dipiheulaan ku partikel saperti sim (jisim), pun, tuang, si, sang, sakadang; nulisna dipisahkeun. Contona:
- sim kuring, jisim kuring
- pun biang, pun bapa, pun anak, pun lanceuk
- tuang ibu, tuang putra, tuang rama, tuang raka
- si geulis, si manis, si kasép, si baju beureum
- sang bango, sang raja
- sakadang kuya, sakadang monyét
Tadi disebutkeun kecap gaganti ngaran anu ditujulkeun ka Gusti Alloh mah, dimimitian ku aksara gedé. Contona:
- Anjeunna.
- Mantenna.
Aya anu sok nuliskeun “anjeun-Na” atawa “manten-Na”. Éta salah, kawasna mah niron tina basa Indonésia “kepada-Nya”. Jelas béda, dina basa Sunda mah, anu bener nulisna “ka Anjeunna” atawa “ka Mantenna”. Apan “Anjeunna” jeung “Mantenna” téh sasaruanana “Dia”. Ari “kepada-Nya” sarua jeung “kepada Dia”.
Sangkan leuwih teleb mah, pék geura larapkeun kana kalimah.
Poto: si baju beureum.
Kandaga Kalang Sunda
Baca Ogé!
Pedaran
-
Kecap bituna rasa téh nya éta kecap anu ngébréhkeun rarasaan. Maksudna pikeun ngantebkeun anu karasa ku haté kayaning sedih, bungah, kuciwa,...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Budak téh ngora-ngora geus kaganggu ingetanana. (2) Punten, ah, badé ngiring ka pengker! (3) Ulah ka...
-
Titénan conto kalimah di handap! (1) Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur. (2) Mobil abdi mah mung tiasa ngagorolong wungkul. (3) ...
-
Ngaran Poé Sunda 1. Radite/dite (hartina Panonpoé) = Ahad/Minggu 2. Soma (hartina Bulan) = Senén 3. Anggara (hartina Mars) = Salasa 4. B...
-
Loba kadaharan (atawa bahanna) kabeuki urang Sunda kiwari, copélna aya di Tatar Sunda anu asalna ti bangsa deungeun. Asup ka urang jeung nga...
-
Babasan téh pakeman basa winangun kecap, gabungan kecap, atawa frasa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Ciri-cirina: ...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!