Senin, 05 Februari 2018 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

NULISKEUN KECAP SESEBUTAN

Kecap sesebutan nya éta kecap (barang) anu dipaké nyebutan hal-hal anu tangtu. Kecap sesebutan ogé aya sababaraha golongan,
1. kecap sesebutan jalma: Budi, Dadang, Ujang, Nyai.
2. kecap sesebutan sasatoan: ucing, munding, kuda, hayam.
3. kecap sesebutan tutuwuhan: kalapa, kawung, peuteuy.

Anu sok loba kaliru nuliskeunana téh dina kecap sesebutan jalma. Anu matak, ayeuna urang puseurkeun ka dinya baé nya.
Kecap sesebutan jalma aya sababaraha golongan:
1. ngaran diri: Abdul, Dédé, Imas, Rina, jsb.
2. ngaran pancakaki: anak, ema, bapa, aki, incu, emang, bibi, jsb.
3. ngaran panggentra: Akang, Tétéh, Ujang, Nyai, Enéng, jsb.
4. ngaran pangkat, jabatan, gelar: guru, bupati, gubernur, radén, haji, jsb.
5. ngaran lalandihan: Si Geureuleung, Si Jalak Harupat, Si Balok, jsb.

Kumaha ari nuliskeunana?
1. Nuliskeun ngaran diri, jelas éta mah dimimitian ku aksara gedé: Ajat Sudrajat, Jajang Nurjaman, Déwi Rengganis, Rita Sahara, jsb.
2. Nuliskeun ngaran pancakaki, jelas dimimitian ku aksara leutik. Ngan lamun ngaran pancakaki téh geus robah jadi ngaran panggentra, kudu dimimitian ku aksara gedé.
Conto larapna dina kalimah:
- Kuring mah geus teu boga bapa.
(Kecap “bapa” di dinya mah ngaran pancakaki, nulisna dimimitian ku aksara leutik.)
Conto séjénna:
- Kamari bibi kuring meuli kupat tahu ti pasar.
(Kecap “bibi” ngaran pancakaki.)
- Cik, Jang pangnyokotkeun sapatu Bapa!
(Kecap “Bapa” di dinya kaasup ngaran panggentra, nulisna kudu dimimitian ku aksara gedé.)
Conto séjénna:
- Ari Bibi iraha arék ka pasar téh?
(Kecap “Bibi” ngaran panggentra.)
3. Nuliskeun ngaran panggentra, ieu ogé geus jelas, kudu dimimitian ku aksara gedé, kaasup ngaran panggentra anu asalna tina ngaran pancakaki.
Conto larapna dina kalimah:
- Iraha Akang badé amengan ka rorompok?
- Ayeuna Tétéh téh keur diajar tari.
Anu kaasup kana ngaran panggentra: Kang Maman, Bu Wati, Pa Bupati, Ceu Mumun, Téh Nining, Aa Émon, Mang Karsim, Bi Koyah, Wa Unang, Jang Adud, Néng Popi, Nyi Isah, jsb.
4. Nuliskeun ngaran pangkat, jabatan, jeung gelar, dimimitian ku aksara leutik, iwal anu geus robah jadi ngaran panggentra atawa ngaran diri.
Contona:
- Sakeudeung deui Pa Yayan jadi jéndral.
- Kuring mah kakara nyaho, Imas téh anak bupati.
- Ujang mah geus jadi haji, ka Mekahna gé geus dua kali.
- Ayeuna mah anu gering téh sok dibawa ka dokter.
Mun geus jadi ngaran panggentra, nulisna dimimitian ku aksara gedé.
Contona:
- Kamari kuring papanggih jeung Pa Jéndral.
- Paméran pembangunan téh bakal dibuka ku Pa Bupati.
- Kebon Mang Awing rék dibeuli ku Kang Haji.
- Badé angkat ka mana Bu Dokter?
Ngaran pangkat, jabatan, jeung gelar ogé nulisna kudu dimimitian ku aksara gedé lamun dituturkeun ku ngaran diri atawa ngaran tempat.
Contona:
- Jéndral Sudirman.
- Bupati Purwakarta.
- Gubernur Jawa Barat
- Haji Anwar Sadat.
- Dokter Linda.
5. Nuliskeun ngaran lalandihan, dimimitian ku aksara gedé.
Contona: Si Jalak Harupat, Si Geureuleung, Si Balok, Si RX Bow.
Tapi henteu kudu ngagunakeun aksara gedé upama éta lalandihan téh henteu maneuh tujul ka salasaurang (bisa ka saha baé jeung biasana situasional), upamana baé: si nurus tunjung, si koplok, si kéhéd, si bedul, si gélo, si atah adol, si manis, si kareueut, si bahénol nérkom, jsb.
Tah, lamun geus jadi ngaran, tangtu wé ditulisna kudu: Si Manis (ngaran ucing), Si Borontok (ngaran hayam), Si Kapas (ngaran kuda), Si Paser (ngaran kuda), jsb.
Kecap "Si" dina basa Sunda, henteu salawasna maksud ngahina atawa nyacampah, da geuning ka nu kasohor saperti artis, bodor, atawa pamaén bal anu hadé ogé sok maké "Si". Sok geura titénan!
Kitu deui jeung lalandihan saperti: sakadang kuya, sang bango, jsb. Lamun geus robah jadi ngaran panggentra, tangtu wé kudu dimimitian ku aksara gedé.
Contona:
“Ari Sakadang Kuya, ka mana baé?” ceuk sakadang monyét.
Sakitu heula, mun aya anu salah, pangoréksikeun nya!

Poto: Nu keur dialajar nari.


0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!