Minggu, 30 Juni 2019 | By: Fahmy Sya'idan As-syarqi

DU'A, DOA, JEUNG DUNGA

Urang paluruh dina kamusna. Tiluanana ogé asalna tina kecap basa Arab du'a'un. Dina basa Sunda sarua hartina jeung jiad, jampé, panuhun.

Dina basa Sunda mah aya bédana du’a jeung doa téh.
Kecap du'a ngandung harti paménta, panuhun ka Alloh swt. Ari kecap doa mah aya leuwihna; ngandung dua harti. Harti anu kahiji paménta, panuhun ka Alloh swt. sarua jeung “du’a”; harti anu kadua panuju, rujuk, atawa ngarujukan’.

Tah, ari kecap dunga mah asalna tina kabiasaan urang Jawa dina ngunikeun kecap “du’a”. Anu létahna mémang béda jeung létah urang Sunda. Apan nyebut “Alhamdulillah’ ogé anu medok mah kadéngéna ku urang Sunda jadi “alkamdulillah”. Anu matak kecap “dunga” dina sawatara kamus basa Sunda ditandaan (J.), anu maksudna ‘asalna tina basa Jawa’.

Anu jelas kecap du'a, do'a, doa, jeung dunga sok dipaké ku urang Sunda kiwari. Hartina ogé taya bédana, iwal kecap doa saperti nu aya dina kalimah:
“Ema mah doa pisan mun Ujang kawin ka Néng Isyana.”


Foto jelema keur ngadu'a

0 koméntar:

Posting Komentar

Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!