1. Kecap anu dilarapkeun ka sato
Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu sok dilarapkeun ka sato, umumna mah ragam cohag saperti: hulu, parab, jeung nyatu.
Contona dina kalimah:
- Kuring keur dahar jeung hulu asin.
Upama dirobah kana ragam hormat, jadi kieu:
- Abdi nuju neda sareng hulu asin.
Hulu asin mah hulu asin wé, sanajan urang nyarita jeung saha baé ogé, teu kudu robah jadi mastaka asin.
- Kuring rék maraban hayam jago di tukang.
Ragam hormatna:
- Abdi badé maraban hayam jago di pengker
- Ucing téh kudu dibéré nyatu, karunya.
Ragam hormatna:
- Ucing téh kedah dipasihan nyatu, hawatos.
2. Ngaran patempatan jeung wewengkon
Ngaran patempatan jeung wewengkon ogé teu kudu dirobah kana ragam hormat. Upamana baé: Pondok Gedé, Balonggedé, jeung Sukajadi.
Contona dina kalimah:
- Imah Kang Yayan mah teu jauh ti Pondok Gedé.
Ragam hormatna:
- Bumi Kang Yayan mah teu tebih ti Pondok Gedé
Pondok Gedé teu kudu dirobah jadi Pondok Ageung, bisi jadi salah harti. Kitu deui jeung Jalan Balonggedé, teu kudu jadi Émpangageung; Sukajadi teu kudu jadi Senengjanten.
3. Sawatara pakeman basa
Sawatara pakeman basa saperti babasan: gedé hulu, hampang birit, jeung panjang leungeun.
Paribasa: mapatahan ngojay ka meri, cul dogdog tinggal igel, jeung jati kasilih ku junti.
Contona dina kalimah:
- Sanajan anak bupati, manéhna mah henteu gedé hulu.
Ragam hormatna:
- Sanaos putra bupati, anjeunna mah henteu gedé hulu.
Henteu kudu jadi ageung mastaka, sabab bisa jadi salah harti.
- Kuring nyarita di dieu téh lain rék mapatahan ngojay ka meri.
Ragam hormatna:
- Abdi sasanggem di dieu téh sanés badé mapatahan ngojay ka meri.
Foto nu keur maraban hayam
0 koméntar:
Posting Komentar
Sumangga pairan-pairanana. Kalih neda sarungsumna. Prung!